Opak Singkong adalah makanan kerupuk goreng yang biasa dikonsumsi
oleh masyarakat Indonesia. Opak Singkong mengandung energi sebesar 47
kilokalori, protein 1,8 gram, karbohidrat 5,2 gram, lemak 2,1 gram,
kalsium 30 miligram, fosfor 0 miligram, dan zat besi 0,6 miligram.
Selain itu di dalam Opak Singkong juga terkandung vitamin A sebanyak 0
IU, vitamin B1 0,09 miligram dan vitamin C 0 miligram. Hasil tersebut
didapat dari melakukan penelitian terhadap 5 gram Opak Singkong, dengan
jumlah yang dapat dimakan sebanyak 100 %.
By Unknown
Ganas Simadu
Si Madu geus jadi trade mark atawa ciri has oleh-oleh ti daerah Subang[4]. Ganas si madu geus lila dipelak ku para patani di daerah Tambakan, Tambak mekar, Bunihayu, Jalancagak jeung Kumpay anu ngajadikeun Subang jadi kawentar di Indonésia malah nepi ka dunya internasional ogé[4].Si madu mah beuratna kurang leuwih 1 kg nepi ka 2,5 kg[2]. Ganas si Madu jarang di kebon ganas ku sabab ganas si madu lain rupa/ varietas ganas[5].Ganas si madu mangrupa segregasi atawa penyimpangan génétika ganas subang[5]. Biasana dina sakali panén ganas si maduna kurang ti dua puluh[5].Ganas mah panénna téh teu usum-usuman, jadi ganas si madu téh primadona teu ngan saukur di subang tapi jadi primadona nasional ogé[5]. Dina taun 1970-an, ganas anu dibudidayakeun di Subang pikeun dikomersilkeun nyaéta jenis ganas smooth cayenne jeung queen tapi nalika taun 1980-an, Subang museurkeun kana jenis smooth cayenne[5].
Kiwari, loba patani-patani anu asalna ti Kalimantan jeung Sumatera anu meuli ganas si Madu pikeun dipelak tur dibudidayakeun di kebon maranéhna[4]. Numutkeun Balai Penelitian Pertanian Bogor ganas asal Subang miboga loba vitamin ku sabab dina ganasna loba caian[4]. Ganas si Madu gampang ditéangan ku sabab di sapanjang jajalananeun ka Subangloba warung-warung anu ngajual si Madu, atawa bisa ogé langsung meuli ka patanina[4].Disagédéngeun boga potensi pasar anu hadé, ganas ogé boga rupa-rupa mangpaat[2]. Dina ganas aya rupa-rupa zat anu alus pikeun kaséhatan urang di antarana vitamin B, vitamin C, fosfor, kalium, magnesium, besi, natrium, kalium, dekstrosa, sukrosa, sarta enzim bromelain[2]. Lian ti éta ogé ganas bisa ngajauhkeun urang tina sababaraha kasakit kayaning jantung, beri – beri, stroke jeung réa-réa deui kasakit anu bisa disingkahan ku lantaran ngadahar ganas[2]. Ganas kaasup kana bungbuahan anu babari ruksak atawa buruk ku sabab loban kandungan air dina ganas anu dibalukarkeun ku ''mikroorganisme pembusuk'' , ku kituna cara ngungkulanana nyaéta ganas dijieun kadaharan séjén kayaning dodol ganas, kiripik ganas, jeung réa-réa deui[6]. Di daérah subang kawentar ku dodol ganasna anu rasana ngeunah tur seger Tapi anu dijadikeun dodol ganas atawa kiripik ganas téh lain Si madu da lamun si madu mah moal aya rasa haseum pasti ngeunah pisan bari hanjakalna hargana moal kaberik,moal aya untung kanu ngajual ku lantaran harga si madu langkung awis batan ganas anu biasa.
By Unknown
Subscribe to:
Comments (Atom)

